IRMAL (2026) Determinants of Purchase Decisions and Customer Satisfaction Based on Consumer Psychology and Brand Image in an Automotive Community. Disertasi(S3) thesis, UNIVERSITAS PASUNDAN.
|
Text
IRMAL.pdf Download (40kB) | Preview |
Abstract
Panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun nganalisis pangaruh psikologi konsumen, inovasi produk, jeung citra mérek kana kaputusan mésér sarta implikasina kana kapuasan palanggan. Obyék dina panalungtikan ieu nyaéta anggota Yamaha NMAX Club Indonesia (YNCI) Chapter Jabodetabek. Métode anu digunakeun dina panalungtikan ieu nyaéta pendekatan kuantitatif kalayan métode survéy, di mana data dikumpulkeun ngaliwatan panyebaran kuesionér ka anggota komunitas salaku réspondén. Téhnik analisis data anu digunakeun nyaéta analisis jalur (path analysis) atawa Structural Equation Modeling (SEM) pikeun nguji hubungan langsung jeung henteu langsung antara variabel panalungtikan. Hasil panalungtikan némbongkeun yén psikologi konsumen, inovasi produk, jeung citra mérek miboga pangaruh anu positif jeung signifikan kana kaputusan mésér. Saterusna, kaputusan mésér kabuktian miboga pangaruh anu positif jeung signifikan kana kapuasan palanggan. Salian ti éta, kaputusan mésér boga peran minangka variabel intervening anu nguatkeun pangaruh psikologi konsumen, inovasi produk, jeung citra mérek kana kapuasan palanggan. Hasil ieu nuduhkeun yén pamahaman kana aspék psikologis konsumen, pamekaran inovasi produk sacara teras- terasan, sarta pangukuhan citra mérek mangrupa faktor strategis pikeun ningkatkeun kaputusan mésér jeung kapuasan palanggan. Panalungtikan ieu diarepkeun bisa méré kontribusi sacara tioritis dina pamekaran kajian paripolah konsumen sarta sacara praktis pikeun industri otomotif dina nyusun strategi pamasaran anu museur kana ningkatkeun kapu
| Item Type: | Thesis (Disertasi(S3)) |
|---|---|
| Divisions: | Pascasarjana > S3-Ilmu Manajemen 2026 |
| Depositing User: | Mr soeryana soeryana |
| Date Deposited: | 04 Apr 2026 02:31 |
| Last Modified: | 04 Apr 2026 02:31 |
| URI: | https://repository.unpas.ac.id/id/eprint/82589 |
Actions (login required)
![]() |
View Item |
