Wahyitno (2026) Akselerasi Kinerja Karyawan Logistik: Tinjauan Kepemimpinan Transformasional, Kompetensi Teknis, dan Efektivitas Kebijakan Kompensasi. Disertasi(S3) thesis, UNIVERSITAS PASUNDAN.
|
Text
Artikel Disertasi - Wahyitno - Sinta 3.pdf Download (698kB) | Preview |
Abstract
Panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun nganalisis pangaruh kapamimpinan transformasional, budaya organisasi, jeung kompeténsi téknis kana étos kerja sarta implikasina kana kinerja karyawan di pausahaan logistik swasta nasional di Bekasi Raya, kalayan kawijakan kompensasi minangka variabel moderasi. Dinamika industri logistik anu beuki kompetitif nuntut pausahaan pikeun miboga sumber daya manusa anu boga étos kerja jeung kinerja anu luhur, ku kituna peran kapamimpinan, nilai-nilai organisasi, sarta kamampuh téknis karyawan jadi faktor anu strategis pikeun ditalungtik. Panalungtikan ieu ngagunakeun pendekatan kuantitatif ngaliwatan métode survéy ka karyawan pausahaan logistik swasta nasional di Bekasi Raya. Pangumpulan data dilakukeun ku cara nyebarkeun kuesionér terstruktur, sedengkeun analisis data ngagunakeun régrési linier berganda jeung Structural Equation Modeling (SEM) pikeun nguji peran moderasi kawijakan kompensasi. Hasil panalungtikan nuduhkeun yén kapamim- pinan transformasional, budaya organisasi, jeung kompeténsi téknis boga pangaruh anu positip jeung signifikan kana étos kerja karyawan. Salajengna, étos kerja kabuktian boga pangaruh anu positip jeung signifikan kana kinerja karyawan. Hasil uji moderasi nunjukkeun yén kawijakan kompensasi mampuh nguatkeun pangaruh kapamimpinan transformasional, budaya organisasi, jeung kompeténsi téknis kana étos kerja, anu ahirna mangaruhan kana ningkatna kinerja karyawan. Ieu panalungtikan méré implikasi praktis pikeun manajemén pausahaan logistik dina nyusun strategi pangelolaan sumber daya manusa anu terpadu pikeun ngahontal kinerja karyawan anu optimal jeung berkelanjutan.
| Item Type: | Thesis (Disertasi(S3)) |
|---|---|
| Divisions: | Pascasarjana > S3-Ilmu Manajemen 2026 |
| Depositing User: | Mr soeryana soeryana |
| Date Deposited: | 28 Jan 2026 01:53 |
| Last Modified: | 28 Jan 2026 01:53 |
| URI: | https://repository.unpas.ac.id/id/eprint/82132 |
Actions (login required)
![]() |
View Item |
