PERANCANGAN BOARD GAME DONGÉNG SI KABAYAN UNTUK REMAJA.NPM:216010031

Arga Cahyadina Santana, Muammar Mochtar, S.Sn., M.Ds (2025) PERANCANGAN BOARD GAME DONGÉNG SI KABAYAN UNTUK REMAJA.NPM:216010031. Skripsi(S1) thesis, Desain Komunikasi Visual.

[img] Text
TA_Arga Cahyadina Santana.pdf
Restricted to Repository staff only

Download (14MB)
Official URL: http://repository.unpas.ac.id/cgi/users/home?scree...

Abstract

Tradisi nyarita sacara lisan geus lila jadi bagéan ti hiburan jeung atikan keur barudak jeung rumaja. Ku kamekaran téhnologi digital, kiwarai générasi ngora beuki loba mikanyaho carita-carita di alam dunya ngaliwatan média digitalIeu hal téh muka rohang anyar keur silitukeuran narasi, sakaligus jadi kasempetan pikeun ngayakeun deui caritacarita lokal ciga dongéng Sunda. Carita si Kabayan, salaku salasahiji répréséntasi budaya masarakat Jawa Barat, bisa dimekarkeun sangkan tetep dipikanyaho tur rélevan di kalangan masarakat rumaja kiwari. Ku kituna, ieu panalungtikan miboga udagan pikeun nyieun média anu bisa ngawanohkeun dongéng Sunda, hususna carita Si Kabayan, ka rumaja di Bandung, jeung ngahudangkeun minat maranéhna kana budaya lokal ngaliwatan média board game anu interaktif tur rélevan jeung gaya hirup rumaja ayeuna. Padika anu dipaké nyaéta Desing Thinking, anu ngawengku ti tahapan empathize, define, ideate, prototype, jeung test, ku fokus dina pangalaman nu maké. Ngumpulkeun data dilakukeun ngaliwatan obsérvasi langsung di café board game jeung wawacara bareng jeung targét audiéns pikeun maham préférénsi maranéhna kana carita rayat Sunda. Data sékundér dibeunangkeun ti studi pustaka, jurnal, jeung artikel daring pikeun ngeuyeuban pamahaman ngeunaan audiens jeung karaktér Si Kabayan. Hasil rarancangna nyaéta board game dumasar peta isométrik réplika Kota Bandung ukuran 110 x 75 cm, dilengkepan kartu pertanyaan, narasi kontékstual, jeung koin salaku sistem niléy. Ieu board game miboga judul “Kabayan – Mapag Gawé”, jeung suksés midangkeun visualisasi carita Si Kabayan dina nuansa modern ku référénsi Kota Bandung, nepi ka karasa deukeut keur rumaja 12-18 taun. Ieu média teu wungkul ngawanohkeun karakter lokal ngaliwatan Kabayan nu nyanghareupan tantangan di lingkungan pakotaan, tapi ngarojong interaksi sosial tatap muka unggal pamaén Ku kituna, ieu kaulinan téh jadi sarana alternatif keur ngahudangkeun minat rumaja kana carita jeung budaya Sunda dina wangun nu pikaresepeun tur partisipatif. Kecap Galeuh : Board Game, Dongéng Sunda, Si Kabayan, Desain Grafis.

Item Type: Thesis (Skripsi(S1))
Subjects: S1-Skripsi
Divisions: Fakultas Seni dan Sastra > Desain Komunikasi Visual 2025
Depositing User: mr FISS-Oman -
Date Deposited: 25 Sep 2025 06:34
Last Modified: 25 Sep 2025 06:34
URI: http://repository.unpas.ac.id/id/eprint/78582

Actions (login required)

View Item View Item